Translate

Cek Semua No Resi Anda Di Sini

Drama Sunda

Asmara Asep Asmara

Karya : Maya Puspita Sari

Tokoh :

1. Asep : Pemeran Utama

2. Ema : Indung Asep

3. Susilawati : Lawan Maen Asep

4. Bu Wati : Indung Susilawati

5. Budi : Sobat Asep

6. Toni : Sobat Asep

7. Roy : Ketua Panitia Ospek

8. Sandi : Panitia Ospek

9. Mira : Panitia Ospek

10 Yadi : Panitia Ospek

11.Tama : Panitia Ospek

Dina hiji mangsa di salah sahiji kampus isukna arek ngayaken acara ospek mahasisswa anyar. Asep ancang-ancang nyiapken jeng acara isuk. Asep geus teu sabar nyanghareupan isuk, manehna tuluy ngumpul jeung sobatna ………

Asep : Cihuy….! Isukteh waktuna mahasiswa anyar ospek euy !!

Budi : Ah …. Silaing mah moal salah paling oge jadi ajang neangan awewe……

Toni : Heeuh si Asep mah moal salah pasti dek neangan awewe anyar……

Asep : Nya heeuh atuh, etamah geus jadi tradisi kuring. Sugan we aya awewe geulis

nu nyanggut……

Toni : Paingan we kolot maneh mere ngaran Asep Asmara, luyu jeung kanyataanana, dina

hirup manehmah pinuh ku Asmara alias Cinta

Budi : Heeuh, kajen teuing Cinta manehanana sering di tolak, teu saluyu

jeung harepan…….

Asep : Tapi nu penting da keur kuring mah dina hate kuring mah remen kebek

ku rasa Cinta.

Najan remen di tolak, kuring mah cadu mundur pantang mulang.

Berjuang terus……!!

Toni : Padahal lamun di tilik-tilik mah maneh teh da teu goreng-goreng teuing…….

Asep : Ari maraneh kakara nyaradar……..?

Budi : Ah silaing mah di belaan ngadon asa di karya keun……

Asep : Lain kitu. Indung kuring nu aya darah Cinaan, ngawaris keun sipit kana

panon kuring.

Tapi barudak weh nu teu percayaeun lamun kuring nyaritakeun soal Indung

kuring anu Cina teh………

Toni : Nya heeuh atuh, piraku turunan Cina kulitna hideung lestreng kitu…….

Asep : Etamah turunan ti Bapa kuring anu pituin urang Sunda……

Barudak : oh……..

Kusabab waktu geus burit teuing tuluy Asep ngajak balik kasobat-sobatna ……

Asep : Wah euy geus burit teuing. Hayu ah urang baralik ……..

Toni : Heeuh euy, urang loba keneh pagawean…….

Budi : Nya enggeus atuh hayu ah urang baralik…….

Asep, Budi, jeung Toni tuluy baralik ka imahna masing-masing. Sanepina di imah, Asep tuluy nyanghareupan kaca, manehna nempokeun bengetna sorangan dina harepen kaca nepikeun teller na, sabab lumayan lila manehanana ngajanteng teh. Kaisukanana manehanana dihudang keun ku sora Ema na nu cocorowokan………

Ema : Aseeep…... Hudang !!

Tingali ponon poe geus moncorong, ongkoh cenah deuk aya acara di Kampus.

Gewat hudang……!!

Asep : Hah, geus jam tujuh ning…..!! (Bari ngorejat)

Aduh ka beurangan ieu mah……!!

Asep tuluy hudang buru-buru manehna siap-siap langsung ganti baju

Ema : Aeh … Aeh …., eta teh moal mandi ?

Ambeuan tah bau nanahaon ……

Maenya ka Kampus mamawa jigong jeung dahdir sagala rupa ……

Cing atuh, ka cai heula sakeudeng mah …….

Maneh mah sok ngerakeun kolot…..

Asep : Nya ma, da Asep geus kabeurangan ……

Ema : Mun aya sapuluh weh mahasiswa nu jiga kieu, jigana loba nu ngundurkeun diri

Dosen teh ……..

Asep tuluy pamitan buru-buru indit ka Kampus bari cengar-cengir sabab di carekan ku Ema bari make motor bebek warna beurem. Sanepina di Kampus manehna di surakan ku barudak panitia…….

Barudak : Duh …… macet nya di jalan No ?

Asep : Maraneh ngomong ka saha ning ?

Roy : Nya ka maneh atuh Nono saha dei nu kabeurangan salian maneh……..

Asep tuluy mikir naha manehanana di geroan Nono tuluy inget kana tarang manehna nu nong-nong……

Sandi : Ieu mah kudu di ospek deui…….!!

Asep : Sorry atuh, da bieu mah motorna mogok……!!

Roy : Mmhh….. bau nanahaon ieu ?

Nono……, maneh teu mandi nya….?

Mira : Enya ih meni bau teu pararuguh kieu……

Asep : Nya mandi atuh ….. kamari !!!

Yadi : Lain mandi heula ti imah teh. Naha euweuh cai kitu

Asep : Lain euweuh cai …. Teu ka beli sabun…..!! (bari nembal sangenahna)

Barudak : Ha….Ha…Ha……!! (barudak nyakakak)

Asep langsung ngaleos ka cai. Sareret manehna ningali ka rohangan nu di pake ospek.

Asep : Ah, untung keur pembahasan materi ku dosen ……!!

Jadi acan ngalibetkeun kabeh panitia…..

Asep tuluy asup ka WC, sibeungeut hela nu tadi can sempet dilakonan. Teu poho manehna nyisiran rambut nu geus saminggu teu keuna ku nu ngarana sampo. Saenggeus ngarasa kasep, manehna kaluar ti cai, Ret deui ka rohangan ospek, manehna masih keneh panasaran……

Asep : Ceuk beja mah bakal aya acara ngawanohkeun panitia ka para peserta ospek

Saenggeus ieu teh, Bener teu…..?

Mira : Enya, naha kunaon kitu ?

Asep : Ah teu kunanaon ……

Yadi : Apal No urang mah…….

Paling oge maneh mah arek nyirian awewe nya No……..

Asep : Ah manehmah apal wae….

Mira : Nya heueh atuh da maneh mah No moal salah dei niatna teh pasti weh neangan

Awewe………!!!!!!!

Yadi : Heeuh manehmah No, kalahka weh beuki ka awewe tapi tara mandi …..

Cik atuh sing era……

Mira : Enya maneh mah No…..

Asep : Enya lah, kumaha maraneh weh…….

Bener weh, saenggeus Dosen kaluar ti rohangan, ketua panitia nyalukan sakabeh

Panitia pikeun arasup ka rohangan. Asep nu pangheulana asup, bari teu weleh panon mah

culang-cileung neangan nu mencrang. Jol bungah hate manehna teh sabab panyangka

manehna teu nyalahan loba awewe nu garelis, matak manehna seura-seuri sorangan….

Yadi : Heh !! Buru kenalkeun diri ….(bari nepak tak-tak na Asep)

Asep ngadon ngorejat sabab manehna reuwas aya nu nepak ujug-ujug

Asep : Eh….hey, hallow, name akang…….. Asep Asmara

Jeung saterusna hiji-hiji panitia ngawanoh keun diri na, saenggeus beres tuluy kabeh

Panitia teh kaluar ti rohangan……

Asep : Jadi embung balik yeuh…..

Bakat betah kuliah ari kieu mah atuh…… loba anu garelis jeung saleger euy…..

Mira : Maneh mah……. Nono……. Nono……

Dina poe katilu ospek, kabeh peserta teh di titah nyieun surat cinta. Lolobana awewe

mah ngirim ka si Beni anu memang tampang na siga artis. Manehna mah memang geus

jadi model di salah sahiji majalah rumaja ibu kota. Tapi aya hiji surat anu ditujukeun ka

si Asep. Surat eta teh ti Susilawati, lengkep jeung alamat serta nomer telepon imah. Asep jadi

panasaran nu mana jeulemana, manehna tuluy nanya-nanya ka Barudak panitia. Sabab

barudak mahasiswa anyar teh marake ngaran samara lamun diteangan sorangan bakal lila.

Asep : Kuring jadi panasaran euy……

Mira : Panasaran ku naon No …… ?

Asep : Ieu aya mahasiswa anyar nu mikeun surat ka kuring…..

Mira : Payu oge ning maneh No…..?

Asep : Nya heeuh atuh…..

Mira : Saha kitu ngarana nu mere surat kamaneh No…..?

Asep : Ari dina surat mah ngakuna susilawati, manehna mere lengkep jeung alamat serta

nomer telepon imah na

Mira : Cobaan atuh tanyakeun ka si Tama….!!

Asep : Duh era euy…..

Mira : Make jeung era atuh, lumayan No, sugan we awewena geulis…..

Asep : Heeuh oge nya…..

Mira : Tah kitu atuh, maneh kudu ngorban keun heula kaera….

Asep : Tuh geuning si Tama…..

Tama kadiue heula…!!!!!!!

Tama : Aya naon No?

Asep : Maneh wawuh teu jeung nu ngarana susilawati?

Tama : Wawuh atuh…….

Asep : Cik mana? geulis teu?

Tama : Sok we penteun kumaneh atuh……

itu tuh budakna ….. (Bari nunjuk ka salah sahiji mahasiswi nu geulis)

Asep : Wah euy laksana ning urang boga kabogoh geulis teh……

Tama : Heueh sok atuh geura samper keun……

Asep : Ah engke weh, da manehna mere nomer telepon……

Tama : Oh kitu, nya sok atuh kumaha maneh……

Peutingna manehna langsung nelepon ka nomer nu di bikeun ku mahasiswi geulis tea. Si Asep ngobrol panjang lebar jeung awewe eta teh. Manehna tuluy ngajak panggihan. Si Asep geus teu sabar hayang papanggih jeung awewe nu mere surat ka manehna. Si Asep boga niat papanggih jeung Susilawati di imah Susilawati. Poe isukna manehanana indit ka imah Susilawati. Teu poho manehna pamit ka Ema.

Asep : Ma, Asep angkat heula……

Ema : Dek kamana atuh Sep…..?

Asep : Bade ka rerencangan Ma…..

Ema : Nya sok atuh kade di jalan na….

Asep : Muhun Ma…...

Rada hese neangan imah si Susilawati teh. Asep geus kukurilingan nepikeun tatanya ka masyarakat didinya. Padahal alamat Susilawati mah di cecekel kumanehna teh. Manehna meunang tutunjuk ti warung. Tuluy si Asep langsung nyampeurken imah nu di tunjuk kunu boga warung tadi. Asep tuluy ngetrok ka imah eta ………

Asep : Punten…….

Bu Wati : Mangga…..

Asep : Punten, bade tumaros…..

Dupi ieu teh leres bumina Susilawati

Bu Wati : Leres pisan……..

Mangga kalebet……

Asep : Hatur nuhun Bu ……

Bu Wati : Mangga calik ……

Antosan we sakedap. Susilawati na. Anjeuna nembe mah nuju dangdos

Asep : Mangga Bu…….

Bu Wati : Susi ….. aya tamu yeuh…….

Susilawati : Muhun mah ……..

Teu lila Susilawati bijil ti kamar na nyamperkeun ka si Asep. Si Asep ngorejat sabab reuwas.

Asep : Hah….

Ieu Bu nu namina Susilawati teh?

Bu Wati : Muhun ieu…..

Asep : Har geuningan, abdi teu nyangki ieu nu nami na Susilawati teh bu ……

Susilawati : Naha ku naon geuning……?

Bu Wati : Ieu leres Susilawati …..

Asep : Anu ditunjukkeun ku rerencangan abdi mah sanes ieu Bu……

Ieu mah atuh siga Badut …..

Nya gendut kacida, teu geulis meues-meues acan…….(bari haharewosan)

Si Asep kecewa pisan ku si Tama, maneh na kehel kacida ka si Tama sabab manehna nyeuri hate ku si Tama sabab manehna asa diperdaya…..